Friday, May 12, 2006

Cinta itu ghaib, kurnia Illahi Rabbi yang kudu disyukuri nikmatNya.



Haruh, dalah dikumahakeun bae oge da geuningan teu gampang mopohokeunana. Sok komo geus aya samingguna rajin dipopoho kalah ka eces ngalangkangan bae boh beurang boh peutingna. Sangkilang keur dibebenjokeun ku rajin nyuratan ka Diz. Bari rajin balik deui surfing info teknik naon bae. Itung2 ngaguar deui kamonesan teknologi anu lahir tina hobbi tur paraktek mangtaun taun tea. Kalihna mah susuganan batu turun keusik naek, hayang miboga ka wanoja insinyur industri disainer manufaktur. Itung2 pangbeberah ti kokosodan ka jeng Fiona mindarasa kana andalemina jeng Diz.
Sugan tadina mah ngan wanoja ngora geulis biasa, tapi geuningan loba patemprangna kana elmu panemu anjeuna bareng jeung pun hobbi. Subhanallah. Sugan ari milik mah kapan moal pahili.
Heug geura tempo URL http://fmylla.blogspot.com/ etang2 landong sebel kunyem bae meureunan.
Edas, tadi isuk mah jam 08:30 diajeng jengjet ngalangkung nako diraksukan kameja cele hejo, rok lemes coklat mani nyiples kana imbitna. Buukna di buntut taeun bari disapatu coklat.
Alhamdulillah, hate mah teu ratug teuing cara biasana lamum nempo lalarna. Nuhun nya jeng Diz.


Ekspresiku
April 22, 2006
Fatamorgana
Filed under: Prosa

(Dimuat dina Mangle, No. 1931, 18-24 September 2003)

Manahoreng nu ngaranna rasa resep teh geuning gaib. Teu katenjo tapi karasa ayana jeroeun dada. Teuing ti iraha nyiliwurina, ujug-ujug geus ngancik na ati. Dina ati ge teuing lebah manana, da puguh gaib tea. Manahoreng rasa resep teh upama diipuk jeung digemuk mah kumaha we tutuwuhan, akaran, sirungan, daunan, kembangan, buahan.
Sabenerna mindeng ngalaman mikaresep jelema mah. Tara ieuh dipikiran sabab musababna, da atuh lumrah nu kitu mah. Manusiawi cenah geuning. Naha ari ayeuna, eta rasa teh mangaruhan pisan kana pipikiran. Make jeung uleng deuih mikiran ti mana jeung ti iraha eta rasa euntreup na lolongkrang hate kuring nu ngan ieu-ieuna.
Tapi naha salah upama kuring resep ka manehna? mana kitu ge manehna teh loba daya tarikna. Ti mimiti gayana ngajar di kelas, di hareupeun para mahasiswa, tepi ka gaya nulisna anu boga ciri mandiri, ebreh dina carpon-carponna.
Enya, teu salah kuring mah. Nu salah mah manehna. Dina mere kuliah ka barudak mahasiswa teh mani moderat atuh, pikaconggaheun. Mun otoriter weh kawas batur. Malah nu sejen mah sok rajeun nyingsieunan mahasiswa ku niley D jeung E.
Sidik salah manehna, ana ngahasilkeun tulisan teh sok munel-munel wae. Mun sakali-kalieun mah nyieun tulisan anu hampos atuh, kawas batur geuning, ngudag ramena wungkul.
Kungsi eta oge bruk-brak ngomong ka jinisna, yen kuring resep ka manehna beak karep. “Ngefans berat” mun ceuk barudak ayeuna mah. Teu era teusing ngaku kitu teh, da kapan hak unggal jalma boga rasa resep mah. Jeung lain kahayang sorangan, ujug-ujug resep cekeng ge tadi. Respon manehna ngan ukur ngaheheh, duka teuing hatena mah nyarita naon. Boa nyangka kuring keur ngayakeun pendekatan ngarah meunang peunteun A dina mata kuliah nu dicekel ku manehna. Moal nyangkaeun, yen ucapan kuring teh estuning jujur.
Dina hiji poe, basa manehna kakara kaluar ti kelas kuring, ku kuring diudag, niat teh hayang ngajaran ngobrol ngeunaan karanganana.
“Carpon Bapa anu enggal dina Mangle sae pisan, Pa!” Cekeng, mancing manehna sangkan aya minat ngobrol jeung kuring.
“Oh kitu?, Naha geuning terang?” Cenah bari ngalieuk ka kuring semu heran, tuluy ngarandeg. Tah nyanggut, ceuk hate.
“Pan maca atuh Pa,” tembal teh. Manehna seuri bari nuluykeun leumpangna, ngagidig muru kantor jurusan.
“Ah naon anehna, ukur nyaritakeun nu gering ripuh,” cenah. Ih puguh lebah dieu pisan, lebah handap asorna nu matak kuring kasengsrem ku ieu sastrawan teh. Kuring angger ngunguntit manehna, kawas wartawan nu keur nutur-nutur narasumber.
“Memang sanes perkawis teu damang walesna hiji tokoh anu narik dina eta carpon teh Pa, nanging perkawis akidah. Nu nyeratna bangun palay nandeskeun yen sagala masalah hirup, sakumaha abotna, tiasa diungkulan ku ihtiar anu dipirido ku Gusti Alloh, ku ngadu’a sareng pasrah ka Mantenna,“ ceuk kuring nyanyahoanan. Sugan we ku nyarita kitu, manehna kataji ku topik ieu obrolan, tuluy sugan we deuih hayang kapapanjangan ngobrol jeung kuring. Tapi manehna ngan ukur ngaheheh.
“Mana anu langkung dominan, pangalaman pribadi, observasi, atanapi daya hayal anu janten inspirasi kana karya-karya bapa?” Tanya kuring deui, angger ngiclik gigireunana.
“Wah, ari taeun teh kawas wartawan wae!” Cenah bari seuri. Bisa jadi ceuk pikirna eta pertanyaan teh dicokelan teuing. Padahal memang bener-bener kuring hayang nyaho. Tapi teu burung manehna ngajawab.
“Henteu tangtu, tapi daya hayal mah mutlak aya dina unggal nyieun carita oge,” masih keneh seuri, nyeungseurikeun nu tetelepek.
Tetela ieu obrolan teh aya dina momen anu hade, anu saterusna mere jalan ka kuring pikeun leuwih mindeng papanggih sarta ngobrol jeung manehna. Tangtuna ge dina waktu-waktu anu rineh. Nepi ka boga agenda rutin, poe anu jam saanu acara “talk show” jeung manehna teh. Sakapeung mah tema obrolan teh ngahaja dirancang heula di imah, sangkan manehna betah nyanghareupan kuring.
Saperti ayeuna, kuring geus siap ngajak ngobrol manehna di tempat anu maneuh, di rohangan dosen jurusan Sunda, kalawan topik anu geus ditangtukeun ti imah keneh. Diuk teh pahareup-hareup, dipisah ku meja tulisna, teu beda ti nu keur konsultasi.
“Bapa kagungan buku-buku karya PAT?” Pertanyaan kuring anu munggaran keur manehna dina poe ieu.
“Bareto mah boga, tapi dipiceun. Teu resep sabab ngandung ideologi kiri,” cenah.
“Dipiceun?” Kuring ngajenghok. Pribadi anu sampurna dina wangwangan kuring, tetela aya lalaworana oge.
“Ari kitu?” Manehna malik nanya.
“Muhun, Profesor A. Teeuw mah nyebatkeun yen ieu pangarang teh sastrawan nomer hiji di Indonesia. Tapi ironis pisan nya Pa. Di nagara batur mah eta sastrawan teh dihargaan, dianugrahan hadiah Magsaysay, ari ku nagarana sorangan dibreidel sareng kantos diharujat,” cekeng.
“Pantes rek diharujat oge, kapan manehna teh anggota Lekra anu kungsi nyerang jeung neror para sastrawan anu teu daek diajak saideologi jeung manehna.” Nyarita kitu teh bari katembong riukna robah, jadi tambah daria.
“Teuing Bapa mah, lamun geus patula-patali jeung agama, sagala rupa oge kudu bener ceuk agama nu diagem ku Bapa!” Pokna deui.
“Sae eta teh Pa, tapi sanes hartosna bukuna kedah dipiceun. Urang tiasa terang kahengkeran hiji paham, tina maca bukuna. Janten maca di dinya sanes hartosna bade muhit ajaranana!” Kuring nyempad tindakan lalaworana. Ngadak-ngadak poho yen nu keur disanghareupan teh guru kuring nu rimbil ku gelar akademik. Keun we ah, hayang nyaho kumaha reaksina upama didebat. Tapi manehna ukur ngaheheh. Nepi ka danget ieu kuring can ngarti keneh, ari ngaheheh teh naon sih hartina? Satuju kana pamanggih kuring atawa nyeungseurikeun?
Estuning resep “sosobatan” jeung manehna mah, obrolanana loba pulunganeunana, sarta moderat tea, ngahargaan pisan kana pamanggih-pamanggih kuring, sanajan teu jarang pamanggih kuring teh tojaiah jeung pamanggih manehna. Tapi ku kitu teh sacara teu sadar geus nimbulkeun pangaruh negatif oge kana kahirupan pribadi kuring, malah kaasup gede pangaruhna teh. Ahir-ahir ieu kuring jadi teu ngarasa perlu loba ngobrol jeung nu jadi salaki, sabab sagala rupa hal geus kabahas dina diskusi mingguan jeung manehna. Nu karasa ku kuring ayeuna, salaki teh teu beda ti instruktur anu nganggap yen pamajikan teh salah saurang anggota hiji pelatihan. Kuring kudu kitu, kudu kieu, teu meunang kitu, teu meunang kieu. Manehna loba pisan ngaluarkeun aturan.
“Kade nya Lis, jadi mahasiswa lanjutan mah kudu picontoeun, ulah beberenjen, ulah ngerakeun!” Ceuk salaki. Mindeng ngomong kituna teh. Baruk kuring teh beberenjen kitu?
Upama kuring meulian buku-buku fiksi, manehna banget teu panuju. Pajarkeun teh ngahambur-hambur duit, meulian dongeng!
Kumaha ceuk Pa Dosen sobat kuring? Alus pisan cenah kuring loba maca teh, ngasah rasa, mekarkeun imajinasi, sangkan engke bisa ngahasilkeun karya dina wangun tulisan.
“Sastra mah bohong, hayalan wungku!” Ceuk salaki.
“Salila aya karep ngahasilkeun karya sastra, ulah eureun latihan, loba macaan karya-karya batur, pangpangna karya sastra anu marunel!” Saran Pa Dosen.
Breh figur salaki, breh profil manehna. Duanana tilem timbul dina layar hate, kawas chanel televisi anu dioper-ope ku remot.
Breh deui sobat kuring tea.
“Lis, kade kudu apal kana sipat goreng Bapa, ulah nu alusna wungkul nu disorot jeung nu diimpleng teh!” Hiji waktu manehna nyarita kitu, kawas aya nu dipikahariwang.
“Abdi ge terang Bapa teh sanes malaikat. Da teu kacarioskeun aya malaikat resep ngarang,” jawab kuring. Manehna ngaheheh deui wae. Duh, matak nineung ku ngahehehna. Sakapeung mah mindeng keneh profil manehna nu nyampak dina hate kuring teh batan figur salaki.
Macaan karya-karyana sarua resepna jeung upama ngobrol jeung jinisna. Rarasaan teh asa ngambah dunya sejen, dunya anu euyeub ku pangalaman estetis, dunya fiksi, dunya puisi. Sedengkeun lalampahan hate kuring beuki jauh, beuki anggang jarakna tina hate salaki.
Hiji mangsa ngadak-ngadak awak karasa nyongkab tapi bari ngabrigbrig tiris, muriang tea. Sirah jejedudan. Lalinu saawak-awak. Sabenerna kembang-kembangna pigeringeun teh geus aya ti kamari-kamarina ge, ngan teu dirasa. Nempo kitu salaki dagdag-degdeg ngaladenan, keur mah boga sipat geumpeuran.
“Matak ge tong cape teuing, tong tambarakan, sare tong peuting teuing. Sok tara beunang dicarek!” Cenah. Kuring ngahephep we digeleneng teh, bororaah hayang nembal, da puguh keur teu walakaya.
Tuluyna mah biur dibawa ka rumah sakit anu ngayakeun rekanan jeung perusahaan tempat salaki digawe. Basa dipariksa di bagian gawat darurat kuring kudu diopname, sabab ceuk perkiraan dokter, katarajang demam berdarah.
Sup ka kamar kelas hiji. Harita keneh diinfus. Kuring ngalempreh ngararasakeun kasakit anu keur meujeuhna muncak, nungguan diubaran.
Salaki hantem ngalelemu, pajarkeun teh ulah loba pikiran, da aya manehna. Malah cenah isukan ge rek cuti, moal waka ngantor salila kuring can cageur mah.
“Engke mun tos damang urang pakaulan, Lis palay naon? Atanapi palay pelesiran ka mana?” Tanya manehna, bari mencrong nu keur ngajoprak, sorot panonna karasa asa leubeut ku kadeudeuh.
Dina kaayaan leungeun teu meunang obah, sabab keur diinfus tea, dina kaayaan sakujur awak teu puguh rasakeuneunana, kuring ngan wasa males neuteup beungeutna. Teu, teu hayang ngajawab panalekna. Teu minat nyarita nanaon, sanajan ukur sakecap, sabab rumasa kuring mah teu titen teusing ka nu jadi salaki teh. Teu cara manehna ka kuring.
Nu diteuteup paromanna bangun nu cape, balas kurang sare tadi peuting ngaulaan anu gering.
“Meni teu diwaler,” cenah bari ngajak imut. Ih geuning bisa nyarita adab Si Akang teh ari kuringna keur gering mah. Ngadak-ngadak leungit we sipat cerewedna teh.
***
Geus tilu peuting kuring mondok di ieu rumah sakit teh, tapi obat-obatan nu ditelegan teh can aya karasana. Salaki geus hariwang-hariwang we. Tara bisaeun sare tibra, ukur sakerejep-sakerejep.
“Suster, kumaha kondisi pun bojo teh, aya kamajengan?” Unggal poe Si Akang nanya kitu, sirikna teu unggal aya suster nu asup ka rohangan kuring nanya kituna teh.
“Sabar we atuh Pa, kapan ieu oge nuju dilandongan. Insya Alloh enjing oge aya parobihan,” ceuk suster anu mindeng katanyaan.
Aduh gering mah kieu geuning nya, sagala karasa. Awak nyareri satulang sandi, pangpangna palebah bobokong, nya retep nya rocop. Asa kakara ayeuna gering kawas kieu mah.
Keur kieu mah karasa pisan panjangna peuting teh. Muterna jarum jam teu beda ti sakadang tutut nu keur ngarayap ngurilingan kotakan sawah. Sasat keur cageur mah ngan sakiceup-sakiceup gantina poe teh. Horeng lebah dieu mah ukuran lila jeung sakeudeungna waktu teh gumantung kana kaayaan jiwa jeung raga.
Nu ngemitan di gigireun keur tibra. Sarena bari diuk, sirahna nyuuh kana sisi ranjang, padahal disadiakaeun korsi panjang di ieu kamar teh. Pajar teh manehna embung jauh ti kuring. Tapi teu burung kaduga keneh kerek mani gegelegeran.
Make rus-ras inget kana lalakon hirup nu sararedih. Cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Untung aya salaki anu geus karasa belana. Jamak we sipatna nu heuras genggerong mah, da taya jalma nu sampurna. Sipat sorangan ge estuning cawadeun wungkul.
Ras inget kana maot. Boa ayeuna, boa di dieu kuring dipapag ku malakal maot teh. Duh, mangkaning can boga bekel. Ras deui kana lalampahan kuring salila ieu, mindeng ngamomorekeun nu jadi salaki. Pedah teu sakaresep, kuring teu pati ngesto ka manehna. Emh, loba dosa kuring teh.
Kuniang manehna hudang, kageuingkeun ku batukna sorangan.
“Sok atuh bobokeun, Lis, ulah ngaherang wae!” Cenah bari keukeureuceuman.
“Bisi bade ka jamban, yu dianteur!” Pokna deui. Leungeunna nyabakan tarang kuring nu masih keneh haneut jeung kekenyudan. Ih, geuning keur kieu mah salaki teh lain instruktur hiji pelatihan, tapi hiji salaki nu mawa tengtrem ka diri nu keur teu walagri. Ah, rek gancang menta dihampura.
“Kang…, abdi hapunten nya Kang.”
“Hus, tong hahampuraan, ngewa, enjing oge insyaAlloh damang!”
“Hapunten…salami ieu…abdi…,”
Geuwat manehna ngahuit deui.
“Tong loba pikiran, cekeng ge, babacaan sabisa-bisa anggur!” cenah. Kerewek ramo leungeun kuring dikeukeuweuk ku manehna, tuluy diadekkeun kana biwirna. Kumaha atuh, rek menta hampura teh kalah digebes wae. Ngan nu pasti, layar hate kuring ayeuna keur anteng ngagateng nayangkeun figur manehna. Moal, ayeuna mah chanelna moal dipindahkeun kana siaran sejen, moal neangan profil sejen ti mimiti peuting ieu. Sigana geus nepi kana ugana kuring kudu sadar, yen profil sejen anu kungsi dipikaresep beak karep teh lir ibarat fatamorgana, mun ditakdirkeun saimah teh can puguh bela kawas manehna.***


3 Comments »

The URI to TrackBack this entry is: http://pop.blogsome.com/2006/04/22/fatamorgana/trackback/

1.

Tuh geuning etah aya keneh dina hate bapak dosen teh. Kunaon sih ? Aya naon sih . geuning ayeuna mah cenah beda?……………tapi da ari geus kana hate mah hese di popohokeun nana nya?………Untung pisan tah pak guru teh…………..u r lucky man, someone put u in her heart…..but not me……….hiks hiks hiks

Comment by fz — April 22, 2006 @ 9:49 pm
2.

Fz, tokoh dosen dina eta carpon teh dosen jurusan Sunda. Anjeunna sastrawan kahot anu seratanana sering kenging penghargaan. Sare’atna, abdi tiasa tulas-tulis ku basa Sunda teh hasil bimbingan anjeunna. Ayeuna anjeunna ngawulang di pasca sarjana UPI Bandung. Yuswana parantos 65 taun.

Comment by popon — April 24, 2006 @ 1:48 am
3.

Sumuhun aneh geuningan nya Teh. Anu namina duriat ngancik kana ati teh kutan ghaib. Kersaning Anu Maha Suci weh. Manawi atuh pun abah mani siga nu kamanjingan bae ari ka jeng Fiona. Bade ngiring kopas nya teh, ambeh tumaninah neuleumanana. Kenging nya teh? Haturnuhun. Wassalam, desi.

Comment by Anjeli Desi — May 12, 2006 @ 1:56 am

Sumber : URL http://pop.blogsome.com/2006/04/22/fatamorgana/

No comments: