Wednesday, July 20, 2011

'Aini

Nya eta lah jeng 'Aini, kapungkur tea waktos abah edit 'Note' asa katiwasan, rehna anu sakedahna abah tekan Ctrl+D abah malihan klik Publish pedah buru2 bade nyumponan panuhun ka hiji pelanggan warnet Raisone, anu peryogi midamel serat aplikasi dina bahasa Inggris. Atuh kantenan 'Note' anu sakedahna mung kenangan endah ka abah wungkul janten konsumsi publik anu matak jeng wera ka abah oge.

Tapi 'kacilakaan' ieu matak abah terinspirasi ngawangun http://aapalupi.blogspot.com/ kanggo nyimpen teks naon wae pikeun contoh dokumen ka saha wae anu peryogi.

Hehe, ngantosan waleran tur kaasih jeng 'Aini ka abah, raraosan mah dagdigdugplas mani ratug siga pasakitan anu ngantos bade didorhos ku regu tembak. Tapi naha leres abah teroris ka jeng 'Aini kituh?